2 Juni 2010

MANG BECA

Caangna panonpoe jeung hiliwir angin
Anu nyusup kana awak ....
Ukur jadi batur nalangsa diri
Jauh ti dulur....jauh ti kulawarga

Lain hayang lain angan...
Ngan teu bisa nolak kaayaan
Hirup ripuh neang kadaharan
Pikeun nutupan hanaang

Hirup ripuh kapaksa
Teu boga iuhan jeung rajakaya
Ngan usaha sagala polah
Nepika kesang jadi balad....

Teu paduli awak ruksak
Teu paduli kacape nalaktak
Nu penting beuteung teu ngagoak......

0 apresiasi:

 
Design by Wordpress Theme | Bloggerized by Free Blogger Templates | free samples without surveys